Paguneman Papahaman Elmu Agama Sareng Kataohidan Jilid Kadua (Buku Kitab Layang Muslimim Musliman)

Raden Muslimin sareng raina Raden Muslimat, enjingna saparantos netepan Subuh, ngaraos saleger, maklum wengina karulem talibra pisan. Bubuhan raina Raden Muslimat nuju hanaang ku Elmu, atuh derekdek deui bae naroskeun ka rakana.
  1. Rd. Muslimat : Manawi engkang teu kaabotan, rai bade naroskeun deui hanca anu teu acan kabujeung diteraskeun ku salira engkang.
  2. Rd. Muslimin : Alhamdulillah rai !, urang dikersakeun ku anu Kagungan Kersa, dipasihan sehat oge kiat. Mugi-mugi enggoning urang madungdengkeun ieu Elmu Agama, dipirido kenging pituduh Manten-Na. Amin. Mangga rai !, ……, kamari teh dugi kamana anu dipadungdengkeun teh ?
  3. Rd. Muslimat : Nembe … perkawis sarat Sahna Maca Syahadat, nyaeta Sidik ka Rasululloh. Anu ku engkang parantos diterangkeun, yen Rasululloh anu “ Hakekatna mah, nyaeta anu teu pisah sareng diri urang” nyatana Rasa. Rasa anu salamina kedah dipiara teh nyaeta Rasa Nurani, anu nungtun kana kawelas-kaasih ka sasama, karumasaan, katumarimaan sareng ka cinta tur ngadorong sumerah ka Alloh Ta’ala. Nya anu kitu anu disebut Rasa Alloh atawa Rasululloh. Margi Rasa teh mangrupa “ Utusan Wujud” Alloh anu Goibul Wujud. Geuning katerangan dalil oge kieu : “ KULLI UMATIN RASULLIHI” Anu hartosna : Dina sakabeh umat pada katetepan Rasululloh”. Anu dimaksud nyaeta Rasa Alloh.
Oge katerangan dalil :
AL-INSANU SIRRI WA ANA SIRRUHUU
Artinya : “Rasa Muhammad teh Rasa Alloh, Rasa Alloh teh Rasa Muhammad”.
Naging sanggeum engkang teh sok sanaos parantos ngartos, parantos paham oge, tetep kedah disarengan ku padamelan, supados Sidik tea, nyumponan kana kecap “ WA ASHADU ANNA MUHAMMAD RASULULLOH”. Nembe dugi kadinya kang !.
  1. Rd. Muslimin : Nuhun atuh rai !, ari parantos paham mah, boh kana basana, boh anu kedah dipilari, oge anu kedah dipidamel sangkan dugi ka sidik tea. Insya Alloh rai !, upami parantos kapendak ieu, teu burung ngageubray caang kana hal-hal anu sanesna oge, boh ngeunaan ka-Imanan, boh ngeunaan Rukun Islam anu sanesna. Sakumaha ku engkang parantos dijelaskeun, yen Syahadat mah mangrupa Pondasi Agama, anu kedah weweg supados kanu sanesna kacandak weweg alias tohaga.
  2. Rd. Muslimat : Ke…kang !, sateuacana ningkat kana ibadah anu sanesna dina Rukun Islam, bilih kabujeung hilap, eta perkawis “ Martabat Alam Tujuh” anu nembe diterangkeun teh 5 (lima) Alam (Ahadiat, Wahdat, Wahidiat, Arwah sareng Ajsam), janten kantun 2 (dua) Alam deui nyaeta : Alam Misal sareng Alam Insan Kamil.
  3. Rd. Muslimin : Aeeh….leresnya !, aya keneh hanca perkawis Alam anu dua deui. Tapi …..Rai !, sateuacan nerangkeun Alam Misal sareng Alam Insan Kamil, etang-etang ngaderes deui sareng supados langkung paham, kieu geura :
Ari anu 3 (tilu) Alam mah, eta ghaib atawa qadim, nyaeta :
Alam Ahadiat (Dzat) = Dzat Laesa Kamislihi Syae’un
Alam Wahdat (Sifat) = Nur Dzat atawa Johar Awal
Alam Wahidiat (Asma) = Nur Muhammad (Nur Papat Warnae)
Ari Alam Arwah mah, mangrupa Alam Nyata/Bukti (Af’al) Alloh SWT, nya ieu Alam Semesta, anu diwangun ku : SENEU, ANGIN, CAI, TANEUH. Anu mawi disebut Arwah teh sabab Pi - ROH –hen , nyaeta Pi – Geutih –hen, Pi – Adam Majaji –eun, atawa Pi – Bibit –ten jasad manusa.
Sedengkeun Alam Ajsam mah, buktina Jasad Manusa. Jasad urang teh asalna tina Alam Arwah tea. Sareatna pasti karaos. Cing … upami Rai !, henteu barang tuang Aci-acian tina Seneu, Angin, Cai, Taneuh anu nyerep gumulung kana Buah-buahan atawa Bebetian, panginten bakal leles langlayeuseun, moal aya tanaga. Jadi jelasna rai…!, kajadian diri teh tina sari pati atawa acina anu opat rupa. Kieu geura :
Seneu jadi Daging, hawana jadi NAFSU AMARAH bijilna tina Ceupil
Angin jadi Sumsum, hawana jadi NAFSU LOAMAH bijilna tina Panon
Cai jadi Tulang, hawana jadi NAFSU SAWIYAH bijilna tina Baham
Taneuh jadi Kulit, hawana jadi NAFSU MUTMAINAH bijilna tina Irung
Tangtuna oge ieu nafsu-nafsu teh dua papasangan, aya anu hadena (positip), oge aya anu gorengna (negatip), gumantung kumaha ngelesannana.
Tah…. Urang ningkat kana Martabat Alam Misal. Nyaeta Martabat Elmu anu bisa weruh kana Asal. Weruh kana asalna Jasad urang waktu keur di Qodim nyaeta Nur Muhammad (Nur Papat Warnae) tea. Upami jalma parantos weruh, awas kana eta 4 (opat) perkawis kalayan Hakul Yakin lain ngan basa wungkul, nya disebut Alam Misal nyaeta Ma’rifat ka Asal.
Tah …. Kitu rai,…. Pereleannana.
  1. Rd. Muslimat : Hatur sewu nuhun kang !, .. dipasihan katerangan perkawis Alam Mitsal, nyaeta mangrupi tahapan elmu anu nyusud ka asal urang dugi ka Hakul Yakinna, anu sabenerna memang diwajibkeun ku Nu Maha Suci, manusa pikeun ngaihtiarannana. Salajeungna ulah kapalang hiji deui kang !... nyaeta perkawis Alam Insan Kamil. Cobi martabat anu kumaha anu parantos dugi kana INSAN KAMIL teh ?
  2. Rd. Muslimin : Eta mah rai ! …. Tutugna anu Ngelmu, sasat jalma anu parantos Ma’rifat kana Dzat-Na nu Maha Suci. Kumargi kitu martabat Insan Kamil mah, hartosna Manusa Sampurna, parantos Takhqik, terang ka asalna.
  3. Rd. Muslimat : Anu dimaksud tos terang dugi ka asalna teh anu mana kang ?
  4. Rd. Muslimin : Eta… parantos terang ka SAGARA HIRUP (BAHRUL HAYAT), nyaeta Kasampurnaan Nyawa. Rai !, …. anu disebut Johar Awal tea, atawa Hakekat Muhammad oge disebat Sajatining Syahadat.
Tah…. upami parantos terang dugi kadinya keur didunyana, tangtos bakal tiasa Mulang ka Asal-Na, atawa sok disarebat Mulih ka Jati, Mulang ka Asal (Wa inna Ilaihi Roji’un). Moal cidra Alloh mah, parantos jangji ka sakumna anu Ma’rifat ka Manten-Na. kitu tah rai !..., cohagna mah disebat Insan Kamil teh nyaeta anu parantos uninga atawa Ma’rifat ka Dzat - Sifat-Na Nu Maha Suci.

BAB IMAN

  1. Rd. Muslimat : Kang !......., babaran perkawis Asal mangrupi bibit anu poko, parantos dijelaskeun sareng ka paham ku rai. Ieu mah etang-etang ngarautan deui sareng ngudag eusina tina sagala elmu anu parantos katampi ku rai ti nuju alit, hoyong langkung dijentrekeun deui ku engkang.
Ti payun engkang…. Kantos nyarioskeun kieu : Ari neleuman Agama Islam teh kudu nete taraje nincak hambalan, nyaeta kedah Iman heula, teras Tauhid heula, teras Ma’rifat heula, nembe kana Islam. Kukituna mugi engkang kersa ngajelaskeun.

PEDARAN RUKUN IMAN

  1. Rd. Muslimin : Rukun Iman anu ka 1 (hiji) “Amantubillahi hartosna : (Percaya ka Alloh). Ayeuna engkang bade naros ka rai !, percaya henteu ka Alloh ?
  2. Rd. Muslimat : Ari engkang…..!, atuh kantenan percaya mah, parantos teu ham-ham deui.
  3. Rd. Muslimin : Nuhun ari parantos teu asa-asa mah atuh. Eta… pangna rai !, percaya teh , percaya kana naonna ?
  4. Rd. Muslimat : Nya percaya kana Ayana Alloh.
  5. Rd. Muslimin : Ayana teh dimana ?
  6. Rd. Muslimat : Eeeh…. Rai mah percaya pedah aya dadameulannana, nyaeta Bumi, Langit, sareng saniskara eusina ieu Alam. Samangsa-mangsa aya dadamelannana pasti aya anu ngadameulna. Kitu pamendak rai mah….
  7. Rd. Muslimin : Mung sakitu rai ?...., teu aya deui kebatna ?. Upami semet kitu mah atuh murangkalih oge parantos barogaeun. Ari parantos dewasa mah kedah leuleugeur, sing kagungan paham rangkepan, ulah bolostrong bae. Pek sing leukeun larapkeun ka Badan Urang. Margi rai !..., upami paham ngan semet kitu, jiga-jigana ayana Gusti Alloh teh saluareun langit anu katingali ieu. Paingan atuh sok narunjuk sareng namprakeun panangan ka luhur. Rai !..., upami kagungan paham yen Alloh teh ibarat Manusa ngadameul korsi atawa meja, atuh Alloh teh papisah, pajauh ti diri urang. Atuh kitu mah papalimpang sareng dalil :

WANAHNU AQRABUN ILAIHI MIN HABLIL WARID (Q.S. Qaf : 16 )
Hartina : Kami jeung maneh geus eweuh antarana deui, deukeut keneh Kami ka maneh ti batan (urat beuheung nu nganteung dina beuheung maraneh sorangan). Masih keneh aya antarana. Kapan eta teh eusi tina Dalil Al-Qur’an
  1. Rd. Muslimat : Duh kang !...., kumaha atuh ari Sahna Percaya Ka Alloh teh anu saleresna ?. Geuning paham semet semet anu ku rai di kapayunkeun mah kitu…. Kirang sampurna. Kumaha sangkan paham klop sareng dalil anu nembe.
  2. Rd. Muslimin : Rai !....., teu gampang Iman ka Nu Maha Suci teh, henteu cekap ku Tekad sumawonna ngan semet ku Basa, kengingna teh kedah ku Ma’rifat.
Upami rai ….. henteu acan mafhum, geura hempek lenyeupan, saliksik ku Ati, papay ku Rasa Kaayaan Wujud, papay heula tina Dzat-Na Alloh SWT. Kapan Dzat teh parantos gumulung sareng Sifat, disebat Nurulloh. Sundana mah Cahaya. Cahaya Nu Maha Suci. Ari Cahaya teh sifatna hirup anu ngaliputan sadayana Alam, kaasup diri manusa.
Kusabab kitu, atuh ngamak’naan Rukun Iman anu ka Hiji teh (Amantubillahi), kedah kieu :
SATEGEUSNA KAULA PERCAYA KA HIRUP SORANGAN, KA HIRUPNA WUJUD KAWULA PANGNA HIRUP, ETA PERTANDA AYANA ALLOH”.
Pon nyakitu deui, ieu Alam Semesta oge pada kaliputan ku Hirup Alloh. Kitu tah rai !.
  1. Rd. Muslimat : Nuhun sarebu nuhun kang !...., kahartos kacida, karaos ayeuna mah Alloh teh akrob sareng wujud. Atuh bakal tambih isin upami ngalakukeun teu leres teh, da sasarengan siang wengi. Paingan sanggeum sisindiran : LEULEUPEUTAN – LEULEUMEUNGAN, DI ARAH KEJO POENA, DEUDEUKEUTAN REUREUJEUNGAN SARENG ALLOH SAPOPOENA.
Ayeuna kantun Rukun Iman anu ka 2 (dua) : “ Wa Malaikatihianu hartosna : Kawula percaya ka Malaikatna Alloh. Mugi engkang !..., ngajelaskeun !.
  1. Rd. Muslimin : Eta…. Rai !.... percaya teh percaya kumaha ?
  2. Rd. Muslimat : Kieu upami sapuk mah sareng manah engkang, “ Yen Malaekat teh salaku utusan Alloh, anu ngadugikeun ayat-ayat ka para Nabi sareng para Rasul nalika masih jumeneng keneh.
  3. Rd. Muslimin : Upami paham rai kitu, …. Sedengkeun ayeuna para Nabi, para Rasul, khususna Nabi Muhammad parantos pupus, atuh panginten Malaikat teh parere, parantos henteu di utus deui nya ?
  4. Rd. Muslimat : Eeeeh…, leres nya ?, upami kitu mah khususna Malaikat Jibril, panginten pere. Mugi engkang…., kersa ngeceskeun, da karaos paham rai…. Anu tadi mah lepat.
  5. Rd. Muslimin : Atuh naha ngaji teh kitu ?, ngaji kawas murangkalih et amah. Sanggem engkang oge, ari ngaji ulah ingkar tina diri. Geura rakrak/kakat, kotektak badan sakujur, ngarah ngajinis. Kedah enggal-enggal bilih kabujeung wafat !, susah temennan upami kabujeng pupus teh, sedengkeun ngajina can tamat da katungkul ku maca bae, ngapalkeun basana ari eusina teu di palire, jadi bae ngan pinter maca jeung nyurahkeun. Ari pek teh pedah parantos pinter maca sareng nyurahkeun, asa parantos ngarasa cukup, ngarasa sugema, bari diangge kumangungan cenah pasti bakal ka Sawarga. Kieu rai !....., papay heula perkara Malaikat teh, kapan tadi disebatkeun salaku Utusan Alloh. Ari Alloh teh Sifatna Hirup. Jadi atuh Malaikat teh nyatana Usik. Sakabeh usik, boh usik Ati, kitu deui usik Jasad. Kapan Usik teh utusan, nya Hirup anu miwarang. Najan usikna bulu, usik kuku manjangan, eta sadayana Malaikat. Anu mawi sanggem Hadist, Malaikat teh rebu-rebu seueurna, tapi henteu jirim aperti wujujud manusa. Sareng tara barang tuang, oge tara kulem siang wengi oge. Penginten ku rai !..., kasaksi, sok sanaos rai nuju kulem, tapi ari Bulu, Kuku tetep manjangan, Napas tetep ngarenghap, atuh Jasad ngajangkungan sareng ngalintuhan. Istuning eta Usik (Malaikat) teh satia kana utusan, didamel siang wengi. Rai…!, eta Malaikat anu mangrebu-rebu teh, ari mandorna mah anu 4 (opat), nyaeta :
Usik Tinggal Mandorna Malaikat Jibril
Usik Baham Mandorna Malaikat Mikail
Usik Dangu Mandorna Malaikat Isrofil
Usik Angseu Mandorna Malaikat Ijro’il
  1. Rd. Muslimat : Kahartos ari kitu mah kang !, paingan Malaikat teh kamashur, henteu warna, henteu rupa, henteu pamegeut henteu istri, tara kulem sareng tuang leueut. Sidik ari ku mah, moal enya Usik ngawujud. Ayeuna kantun…. Rukun Iman anu ka 3 (tilu) “ Wa Kutubihi nyaeta : Percaya kana ayana Kitab Alloh Ta’ala.
  2. Rd. Muslimin : Cing….. kumaha paham rai…!, percaya kana Kitab Allah Ta’ala teh ?
  3. Rd. Muslimat : Nya kanggo rai mah, percanten kana Kitab anu aya tulisannana, buktosna Al-Qur’an.
  4. Rd. Muslimin : Eta oge leres…, percanten kana Kitab Al-Qur’an sakumaha anu pada ngajarelaskeun ku para ahli. Nanging rai !..., kedah dirangkep ku paham Percaya kana Kitab Tulisan Wujud Urang. Margi upami parantos dilenyeupan, eta tulisan Kitab Al-Qur’an teh estuning nuduhkeun kana tutulisan wujud urang, wiwincikan diri. Jadi rai teh ….., kedah percanten kana Tutulisan Kuring boh bengharna, boh miskinna. Poma masing narima kana eta tulisan diri anu saestuna. Upami parantos kitu, geura bakal Sabar moal rek aral upama nuju aya dina kakirangan.
  5. Rd. Muslimat : Ke….kang !.., eta mah tutulisan diri dina hal takdir boh beunghar, boh miskin. Kumaha upami jalma anu kenging Hukuman Penjara, eta oge sami tulisan ti Alloh ?
  6. Rd. Muslimin : Iiiih…. Ari anu menang hukuman kitu mah, eta mah tulisan ti Setan, tina Nafsu Wujud Urang. Ongkoh parantos pada ngawartosan, yen anu sok maling, Jinah, maehan, eta bakal dihukum, bakal dipenjara, naha atuh di lakukeun ?
Tulisan ti Alloh mah lain anu kitu, diantarana upama ninggang cilaka anu teu di haja.
  1. Rd. Muslimat : Perkawis Rukun Iman anu ka tilu parantos kahartos, ayeuna kantun teraskeun kana Rukun Iman anu ka 4 (opat), nyaeta “ Wa Rasullihi. Tegesna kedah percaya ka Rasululloh salaku utusan Allah.
  2. Rd. Muslimin : Paham ……, kumaha percaya ka Rasululloh utusan Alloh teh ?
  3. Rd. Muslimat : Ari paham rai mah, nya anu disebat Rasululloh utusan Allah teh …., eta para Rasul, da kapan para Nabi atawa Rasul mah salaku utusan Alloh ?
  4. Rd. Muslimin : Kitu oge teu lepat…., ari Majajina mah, atawa sreatna mah, tapi kapan ayeuna mah para Rasul parantos parupus sareatna, atuh ayeuna man percanten teh kedah kana Hakekatna badan anu jadi utusan Hirup pribadi. Jadi kedah kieu tekad urang teh : Sategesna geus percaya tigin kana ieu Rasa Wujud Urang. Rasa tinggal, Rasa Dangu, Rasa Baham, Rasa Angseu. Mangga geura rasakeun ku rai !...., bade kumaha teu percayana kana Rasa Wujud.
Upami barang tuang uyah, tangtosna sanggeum Rasa Baham teh Asin.
Upami barang nguping sora gelap, tangtosna sanggeum Rasa Dangu teh sora guludug, kapan moal disebat musik.
Upami barang ningali nu caang, tangtosna sanggeum Rasa Tingal teh moal nyebatkeun poek.
Upami barang ngangseu Minyak seungit, tangtosna sanggeum Rasa Angseu teh kapan moal nyebatkeun bau, pasti tangtuna oge sengit. Kapan ari Rasul mah tara bohong sareng tara cidra rai.
  1. Rd. Muslimat : Leres pisan kang !..., Rasul mah tara bohong tara cidra. Upami kitu… ari anu osok bohong sareng cidra saha ?, sareng timana torojolna ?
  2. Rd. Muslimin : Ari anu osok bohong jeung cidra mah Manusa rai !..., norojolna tina Biwir pangucap manusa. Contona : Upami rai…, ngagaleuh minyak sengit, tangtu eta minyak teh di ambungan heula. Saparantos cop atawa pas sareng hate, eta seungitna minyak teh disaksi ku Rasa (Rasul) Pangambung, nembe naroskeun perkawis harga. Sanggeum anu dagang, hargana teh (upamana) tilu rebu perak. Tah… kusabab rai palay leuwih murah, teras di akalan, rai teh ngucapkeun kieu : “ aaah…., mahal teuing sakitu mah…., naon minyakna oge henteu seungit”. Padahal Rasa Pangambung rai mah ngabenerkeun yen eta minyak teh sengit.
Tah Nafsu (kahayang murah), anu ngadorong kana akal sangkan digawe, teraskeun ditepikeun ku biwir. Jadi torojolna teh tina Nafsu, ngadorong kana akal manusa. Da Rasul mah tetep teu bohong. Kitu tah ra !....
  1. Rd. Muslimat : Leres pisan, ayeuna mah parantos ka paham perkawis Rukun anu ka opat mah, kantun ayeuna teraskeun kana Rukun anu ka 5 (lima) nyaeta : “ Wal Yaomil Akhir”. Tegesna percaya kana Poe Akhir.
  2. Rd. Muslimin : Cobi heula, paham rai !.... dugi kamana perkawis Wal Yaomil Akhir teh ?
  3. Rd. Muslimat : Ari rai mah percanten pisan, yen Alam Semesta ieu bakal ruksak, nekanan poe akhir nyaeta Kiamat. Mung sakitu katerang rai mah.
  4. Rd. Muslimin : Kitu oge henteu salah rai !...., naming sasaran paham rai eta jauh teuing. Eta mah kana Kiamat Jagat Kabir jigana mah moal kasorang ku anak incu. Ayeuna mah kieu !, rai teh kedah ngalirik kana Jagat Shagir, nyaeta Jasad Urang, anu bakal ti heula nekanan poe akhir, nyaeta Pupus atawa Wafat. Eta rai !..... anu kudu dipikiran mah, sing gede kasieun. Kudu buru-buru nyiar elmu supaya katepi kana Ma’rifat ka Allah, bisi kaburu maot !... kapan rai…, sieun ku Naraka ?
  5. Rd. Muslimat : Aaah… rumaos kang !.... Rukun Iman teh ngan dibaca sadayana, tapi ngimankeunnana, eusina mah ngaler ngidul.
  6. Rd. Muslimin : Kedah ti ayeuna rai !...., di aji eusina, dirasakeun, margi Rukun Iman teh Bibit rahayu Dunya Akherat. Keur di dunyana moal keuna ku hukum penjara, sabab laku nu goring dijaga, da nu Maha Suci ngayakeun Rukun Iman teh pikeun Pamageur Nafsu anu Awon. Atuh di akheratna baris pinanggih sareng Ka-Nikmatan.
  7. Rd. Muslimat : Insya Allah kang !....., bade di estokeun pisan. Kantun Rukun Iman anu ka 6 (genep), nyaeta : “ Wal Qodri Hoerihi”. Tegesna timbang-timbang papasten hade sareng goring. Mugi engkang…., ngajelaskeun !..., rai teu acan ngartos, moal enya Alloh midamel awon.
  8. Rd. Muslimin : Iih…, rai !, ari Allah mah mung midamel Suci, anu sae-sae, da anu goring mah eta ti Idajil tea, sakumaha anu parantos dijelaskeun ti payun. Kieu..geura ngama’naan Rukun Iman anu ka genep mah : “ Urang kudu percaya sing tigin, upama jalma waktu hirupna teu aya kadaek, teu daek nyiar elmu, teu daek ibadah, teu daek ngabakti ka Nu Maha Suci, eta anu kitu dimana engke Maot/Wafat, nyawana bakal tigebrus ka Naraka (nempuh ka teu ngeunah) anu langgeung. Meunang siksa kubur, sakarat mah geus puguh”. Jadi nyorang Tilu kali siksaan.
Tapi sawangsulna, upami jalma anu hirupna suhud neangan elmu, Sareatna, Tarekatna, Hakekatna, Ma’rifatna geus kasusul, bari kersa amal ibadah “Hablumminalloh Wa Hablumminannas”. Tah eta bakal meunang untung, benghar ku kanikmatan (Sawarga). Teu ngalaman siksa keur sakarat, siksa kubur, sareng siksa Naraka.
Kitu …tah… ra !.., babaran Rukun Iman anu ka genep mah, mangrupa mungkas tina Rukun Iman. Sakali deui rai !...., ari percaya teh kedah sareng Ma’rifatna. Sabab upama ngan semet percaya wungkul, bari teu jeung Ma’rifatna, disebatna teh Iman Taklid sareng Idlal tea, henteu dugi ka Iman Tahqiq.
Sareng ari Iman teh aya dua perkara :
Ka hiji Iman kana Dzat Sifat-Na Alloh bari sareng Ma’rifatna. Ieu mah bagean elmu Hakekat.
Ka dua Iman kana Parentahna Alloh, kedah ngalakonan Rukun-Rukun-Na. Tah…ieu mah bagian elmu Sareat. Kitu oge upama nuju kaayaan jagjag waringkas.
  1. Rd. Muslimat : Kumaha upami jasadna parantos teu walakaya ?. panginten moal tiasa ngalaksanakeun Rukun Islam sagemblengna, sapertos Sholat, Puasa, Munggah Haji ?
  2. Rd. Muslimin : Saleresna ari Iman mah ulah pegat, kedah teras Iman ka Nu Marentah-Na. da pikeun anu parantos Ma’rifat mah, sanaos jasadna parantos teu walakaya oge, pasti moal hilap, moal samar, da henteu kedah sareng praktek, malah teu lisan-lisan acan. Margi parantos ngaraos ngahiji, teu ngaraos papisah, nuju calik, leumpang, nangtung, ngarenghap, henteu weleh sasarengan (Akrob). Da ieu wajib sanes fardhu.
  3. Rd. Muslimat : Kee…. Kang !..., naon dasarna pangna disebat Wajib ?
  4. Rd. Muslimin : Geuning sanggeum hadist oge : “ WA KHAWAIDUL IMANI WAJIBUL WAJIB AN’YALAMA”. Anu hartosna : Kabeh umat wajib pada weruh kana Iman. Nyaeta kana Iman Sajati.
  5. Rd. Muslimat : Tadi…..sanggeum engkang, eta mah Wajib sanes Fardhu. Ari Fardhu anu kumaha ?
  6. Rd. Muslimin : Ari Fardhu mah, tina parentah wajib anu parantos di olah deui ku Kanjeng Nabi Muhammad Rasululloh SAW, miwarang ibadah ka Allah. Kedah pisan rumasa tur tumarima, margi Asal Urang, Usik Malik Urang teh disareng ku Manten-Na. upami urang teu kersa ngabakti, teu ibadah ka Manten-Na, atuh jadi nyaruaan, papak henteu aya luhur handap. Fardhu mah nya dina ibadah Syareat. Rai !..., Wajib sareng Fardhu teh, basana oge dua rupa, tapi sing ngahiji sing ngagulung.
  7. Rd. Muslimat : Kang !....., kamalinaan…, parantos waktos netepan Lohor, engke urang sambung deui.

Atuh rai sareng raka, arangkat heula ka Masjid bade naretepan heula Lohor. Saparantosna rengse naretepan, ngabujeung deui ka Bale Paguneuman, neraskeun hanca anu katunda /kapegat.

  1. Rd. Muslimat : Kang !..., rupina perkawis babaran Rukun Iman mah di anggap tos cekap heula, kapan urang teh nuju ngahanca IMAN – TAUHID – MA’RIFAT – ISLAM. Ayeuna mangga tingkatkeun kana Bab Tauhid.

BAB TAUHID

  1. Rd. Muslimin : Rai !..., ari TAUHID teh, undakna tina atawa ngaronjatna tina Iman. Upama Iman-na (Taklid, Idlal, Takhqiq) parantos kacumponan, parantos Haqul Yakin (awas qolbuna) kana Bahrul Adam/Nur Muhammad, tangtuna oge baris ajeg moal galideur deui, sarta bakal soson-soson, suhud, khusyu, rasa, rumasa, tumarima.
Ucapna tara geurehan, tara sugal pikanyerieun hate batur, sopan someah hade ka semah. Lacuna, nyengker kana ka-Mak’siatan anu sakira diharamkeun ku Agama tur di larang ku nagara. Elmuna bari prak di amalkeun kalawan sadrah, ikhlas. Tur dina prak ibadah ka Nu Maha Suci, disarengan ku Rasa, rumasa, narima lamokot ku kokotor, rumasa bodo, teu daya teu upaya. Usik, malik, leumpang, ningali, ngadangu, ngangseu sareng nyanggeum teh, kajabi Allah Dzat Wajibul Wujud. Anu mawi sumerah diri ka Manten-Na. Kitu tah….. kirang langkung jalmi anu parantos TAUHID.
  1. Rd. Muslimat : Parantos kahartos perkawis Tauhid mah, atuh teraskeun kana Ma’rifat.
BAB MA’RIFAT

  1. Rd. Muslimin : Ari MA’RIFAT teh undakna tina Tauhid, Tekad – Ucap – sareng lampahna parantos salamina sae ( Takholi sareng Tahalli), atuh pastina oge bakal tiasa Tazalli (awas) kana Dzat – Sifat – Asma-Na Allah. Sakumaha ti payun parantos dijelaskeun, yen Ma’rifat teh parantos tembus paningal atina/qolbuna, ka Dzat Sifat Allah ku ridho tur pitulung Manten-Na. kitu tah…rai !...., perkawis Ma’rifat mah.
  2. Rd. Muslimat : Hatur nuhun kang !..., perkawis IMAN, TAUHID, MA’RIFAT parantos, ayeuna kantun ISLAM. Cobi kumaha ecesna perkawis Islam teh ?
BAB ISLAM

  1. Rd. Muslimin : Ari ISLAM teh rai……, sategesna Suci, bersih tina sagala kokotor. Ari anu jadi kokotor teh naon ?, taya lian ti iwal ti Nafsu. Saha jalmana anu henteu kaancikan ku Nafsu ?. tos kantenan di jalma anu lacuna ma’siat, sanajan di ahli Agama oge, sami pada kaancikan nafsu. Ari jugjugan atawa Sasaran ki Nafsu teh pokona mah ngan 3 (tilu) perkara :
    1. Kalungguhan / kakawasaan (Tahta)
    2. Haliah dunya (Harta)
    3. Birahi (Wanita/Pria)
Rai !..., ari Islam teh teu dua teu tilu, estu ngan hiji-hijina. Malahan keur hiji teh Ghaib deuih. Sategesna Islam teh Nur. Tah eta anu teu katetepan nafsu mah. geuning nalika masih keneh aya dina Alam Nur mah, rai…, teu kagungan kahoyong naon-naon.
Atuh kitu deui anu Islamna oge teu dua teu tilu, ngan hiji nyaeta Rasululloh. Ku sabab kitu, atuh geuning jalma mah teu kabagean Islam, paling-paling jadi Umat-Na. Kitu oge anu tepi ka pangkat Umat teh sarebu hiji, sabab kedah terang heula ka Rasululloh, sarta kedah ngalakonan kana parentahna.
  1. Rd. Muslimat : Kedah terang heula ka Rasululloh ?, rupina sami kang sareng ma’nana Warosulihi dina Rukun Iman ?
  2. Rd. Muslimin : Kirang langkung kitu tah rai !..., ma’nana perkawis Islam teh !
  3. Rd. Muslimat : Supados nyambung kang…!, kumaha upami teraskeun kana Rukun Islam ?

PEDARAN RUKUN ISLAM

  1. Rd. Muslimin : Perkawis Rukun Islam mah, kalebet kana ibadah Sareat rai !.., janggelekna atawa ciri ti jalmi anu parantos Iman ka Allah, di buktikeun ku Amal Ibadah kasasama (Hablumminanas) sareng ibadah ka Alloh (Hablumminalloh).
  2. Rd. Muslimat : Ke..kang !.., eta perkawis ibadah ka Allah, asa kirang ngartos rai mah. kapan Alloh mah sifat Ghoniyun (Maha Benghar), Maha welas, Maha Asih, naha beut hoyong di ibadahan ku makhlukna ?
  3. Rd. Muslimin : Et amah ra !..., sakadar basa wungkul ibadah ka Alloh teh, kereteg hate Janggelek tina Rasa rumasa, di usik malikeun ku Manten-Na. Atuh kalihna ti eta, praktek ngabakti kitu teh ngabedakeun antara Anu dicipta (di damel) sareng Anu Nyipta (anu ngadamel). Upami henteu kitu, atuh panginten teu aya Martabat Luhur Handap, atuh dianggap sami (papak) antara makhluk sareng kholikna.
Anu langkung jero maknana teh, manusa teh kedah seperti Allah, buktos ibadahna (Welas-Asih) ngamodalan kumplit, taya kurang, saniskara di ayakeun, taya lian pikeun sakumna makhluk-Na. Anu mawi dina nuju ngadararo’a atawa syukuran nalamprakeun panangan kaluhur teh, sanes ngandung harti Allah aya ucang angge di Langit Katujuh, tapi nganyatakeun yen Martabat Allah teh pangluhur-luhurna, moal aya anu nyamian. Kitu rai…, tah…Allah mah teu peryogieun ku anu ibadah, sareng teu hoyongeun di ibadahan, paling oge Allah mah miwarang emut (Eling) ka Manten-Na. margi upami henteu emut ka Manten-na, engke bilih hilap karagungan rarasaan pangkawasana, heug wae boga lampah sakama-kama.
  1. Rd. Muslimat : Upami Allah henteu peryogieun di ibadahan, atuh.., kanggo saha eta amal ibadah teh ?
  2. Rd. Muslimin : Nya mangfaatna mah pikeun anu ibadahna keneh. Upami ra…, sering susuci diri, boh lahirna boh batinna, atuh rai teh bakal bersih tina kokotor atawa dosa-dosa (Hadas ageing sareng hadasr alit). Rai.., sering ibadah berjamaah, atuh ngaraketkeun duduluran sareng ngaraketkeun rasa persatuan hirup bermasyarakat. Rai.., sering sumerah diri (Hablumminalloh), ngandung harti yen rai teh hoyong kenging pituduh sareng pertolongan, dituduhkeun kana Jalan anu lempeng, kiat nahan atawa ngelesan nafsu. Pangpangna mah sangkan ridho tiasa Ma’rifat ka Dzat – Sifat – Asma MantenNa.

  1. Rd. Muslimat : Ka… kang !.., aya keneh kapanasaran perkawis Amal, sanggemna perkawis amal teh aya 4 (opat) perkara :
    1. Amal Jariah
    2. Amal Sadrah
    3. Amal Soleh
    4. Amal Ma’ruf
Mugi engkang !....., tiasa maparin katerangan hiji-hijina !
  1. Rd. Muslimin : Kieu rai !..., ari Amal Ibadah teh sapertos dina hal Iman anu parantos dikapayunkeun, sami aya 2 (dua) tahap, aya Fardhu sareng aya Wajib.
  • Ari Amal Ibadah Fardhu mah, parentah Nabi Muhammad Rasululloh, pikeun ka papada manusa (Hablumminanas) sakumna kaunggel dina Hadist. Kitu oge upami kasartaan boh ku tanaga, boh ku harta.
  • Ari Amal Ibadah Wajib mah, pikeun Ma’rifat ka Allah manusa teu kenging sulaya, margi Wajib kasebatna, sakumaha dawuhan Kanjeung Nabi Muhammad : “ ILLA ANNA AWALLA NAFSHAS FARDHU AEN ”. Anu hartosna : Mimiti amal ibadah teh sing ngarti /terang Jatining Hirup masing tepi ka Aena (ngajinis).
Sabab kudu katingali eta Sifat Hirup, margi eta Jatining Syahadat.
  1. Rd. Muslimat : Dupi…, eta amal anu opat rupi teh .., kumaha tumerapna atawa prak-prakannana dina ibadah kang ?
  2. Rd. Muslimin : Kieu eta mah rai !..., eta anu 3 (tilu) ( Jariah, Sadrah, Soleh) teu kenging sulaya. Ari tumerapna nya dina Amal ibadah anu aya tina Rukun Islam. Kieu gera :
  • Ari Amal Jariah teh pagawean Badan. Urang kudu ngarti yen ieu Wujud urang teh nuju janten Jariah Allah atuh kedah nurut kana Kersana Alloh. Hartosna Wujud nuju di anggo ku Allah.
  • Ari Amal Sadrah mah, pagawean Lisan. Hartosna nuju dianggo Maca Kalimah. Sadayana Puji waktu eta mah Sadrahkeun ka Allah, kapan sanggem dalil oge : “ PUJI MAH KAGUNGAN ALLOH (ALHAMDULILLAH)”, da kapan manusa mah Lahawla wala kuwata (Teu daya upaya). Ngandung harti ulah sok nyoro puji ka Allah, sok hayang di puji atawa pupujieun.
  • Ari Amal Soleh, et amah pagawean Qolbu/Hate. Kedah soleh teh, kedah bersih hate/qolbu, sing cengeng ulah kaganggu patekadan ku Tahta, harta, wanita/pria. Jadi kedah “ LILLAHI TA’ALA ”.
Kitu amal kanggo ka Allah mah rai !.., henteu deui sareng amal ibadah ka papada manusa, sok pandang kana buruhan (Pamrihan).
  • Ari amal anu hiji deui mah Amal Ma’ruf, et amah tumerapna dina “ Hablumminanas ”, tapi didasaran ku Lillahi Ta’ala. Janggelekna dina amal ibadah di Rumah Tangga, amal ibadah di lingkungan Masyarakat, berbangsa bernegara. Amal ibadah anu dumasar kana ka ikhlasan, teu aya maksud ka dua leutik, taya pangarahan, ibadah ngajauhan kasarakahan/kamungkaran.
  1. Rd. Muslimat : Aduh.., hatur nuhun kang !..., rai parantos dipasihan terang perkawis perelean Amal Ibadah. Tapi rupina…, eta amal ibadah teh tiasa ngajanggelek “ Lillahi Ta’ala” upama Iman-na parantos Tahkik, Tauhid-na parantos leres, atuh Ma’rifat-na leres, oge Sajatining Islam-na parantos kapendak. Cobi…, ayeuna rai hoyong terang, eta Amal Jariah, Sadrah, Soleh teh kumaha tumerapna dina prak-prakan ibadah Rukun Islam !.
  2. Rd. Muslimin : Ari tumerapna dina hiji-hijina anu kawengku ku Rukun Islam mah sareng moal leupas tina SAREAT, TAREKAT, HAKEKAT, MA’RIFAT-na kieu geura :

RUKUN ISLAM KA HIJI “ SYAHADAT”
Ari katerangan Syahadat mah, bawiraos parantos cekap sakumaha dijelaskeun ti payun.
  • Jariah - na : atawa Syareatna Badan/Baham ngucapkeun Du’a Kalimah Syahadat.
  • Sadrah – na : atawa Tarekatna Antebkeun Ati/Qolbu, eling muji ka Allah ka Rasululloh bari pasrah Lillahi Ta’ala.
  • Soleh na : atawa Hakekatna Bersih tina kahayang kaperluan kahirupan sangkan tiasa Awas (Tazalli) kana Sifat Hirup.
  • Ma’rifat – na : Ngaraos kaliputan ku Dzat – Sifat Allah. Tah eta Dzat – Sifat Jatining Syahadat atawa Jatining Hirup atawa Hakekat Muhammad.

RUKUN ISLAM KA DUA “ SHALAT”
  • Jariah - na : atawa Syareatna Waktu dina Solat, wujud urang teh nuju janten Jariah Alloh, nuju di anggo : Nangtung - Takbiratul IkhramRuku – Sujud Lungguh.
  • Sadrah – na : atawa Tarekatna Syukuran kana ka-Agungan Allah. Sumerah teu ngaraos kagungan Jasad, teu ngaraos kagungan kahayang. Soleh na : atawa Hakekatna Bersih, Suci Qolbu.
  • NANGTUNG – NA NUJU HAKEKAT HURUF ALIP ( )
  • RUKU – NA NUJU HAKEKAT HURUF LAM AWAL ( )
  • SUJUD – NA NUJU HAKEKAT HURUF LAM AKHIR ( )
  • LUNGGUH – NA NUJU HAKEKAT HURUF HE ( )
  • TAKBIRATUL IKHRAM – NA janten Hakekat Tasjid ( ω )

    • Ma’rifat – na : Awas Qolbu ka Nur Muhammad ( Narun, Hawaun, Maun, Thurabun), eta anu baris nepikeun ka Dzat – Sifat Nu Maha Suci.

RUKUN ISLAM KA TILU “ ZAKAT”
    • Jariah - na : atawa Syareatna sakumaha umumna mere ku beas, ku duit, ditarima ku fakir miskin, ku yatim piatu.
    • Sadrah – na : atawa Tarekatna Dina nuju Sholat Daim (Tazalli)
    • Soleh na : atawa Hakekatna Bersih, Ikhlas ngazakatkeun diri ka Nu Maha Suci.
    • Ma’rifat – na : Sing Ngaraos ilangna Rasa Jasmani, tanda ditarima ku Nu Maha Suci, kasilih ku Nur Muhammad.

RUKUN ISLAM KA OPAT “ PUASA”
  • Jariah - na : atawa Syareatna Wujud urang teh nuju janten Jariah Allah, nuju di anggo ngarasakeun kumaha rasana nahan lapar, hanaang, birahi, dina waktu siang.
  • Sadrah – na : atawa Tarekatna Dina nuju Sholat Khusu (Tazalli)
  • Soleh na : atawa Hakekatna Bersih, tina hawa nafsu anu goring anu mawa kana pibahayaeun/mak’siat.
  • Ma’rifat – na : Kedah panggih sareng Romadhon anu sapertos Bulan Purnama caang jiga tanggal 14 (opat welas).

RUKUN ISLAM KA LIMA “ MUNGGAH HAJI”
  • Jariah - na : atawa Syareatna Wujud urang teh nuju janten Jariah Allah, Zarah ka Kuburan Nabi Muhammad Rasululloh SAW, teras ka Mekah Zarah ka Baetulloh.
  • Sadrah – na : atawa Tarekatna Dina nuju Sholat Khusus/Tazalli.
  • Soleh na : atawa Hakekatna Bersih, ngalebur dosa urang, ilang Rasa Jasmani, ilang Rasa Rohani, tinggal Rasa Nurani (Rasa Allah) anu tiasa nyusul raratan Allah. Kapan dalilna : “ KULLI UMATIN WA RASULLIHI”. Hartosna : Dina sakabeh umat pada katetepan Rasululloh, tegesna Rasa Alloh.
  • Ma’rifat – na : Kedah ngarasa ngahiji Jasmani sareng Rohani, ngaraos nikmat gumulung antara HIRUP – RASA – WUJUD.

Tah kitu rai..!, tumerapna JARIAH, SADRAH, SOLEH, sinareng SAREAT, TAREKAT, HAKEKAT, MA’RIFAT dina prak-prakan amal ibadah dina RUKUN ISLAM. Cing mangga etang ku rai !..., eta Rukun Islam anu lima, saban Rukun Opat-opat (Sareat- Tarekat – Hakekat – Ma’rifat), 5 x 4 = 20. Geuning eta Sifat dua puluh teh mangrupa Sifat-na Allah. Jadi Sifat 20 teh tina Islam….rai !.

  1. Rd. Muslimat : Hatur nuhun kang !..., perkawis babaran Rukun Islam anu di kaitkeun sareng Amal Jariah, Sadrah, Soleh, oge saban Rukun dijelaskeun Sareatna, Tarekatna, Hakekatna, sareng Ma’rifatna. Geuning ngalakonan Rukun Islam teh, ari dipesek mah kacida banggana nya kang !, teu asal wae geuning amal ibadah teh .
Kang…!, tumali tadi kasabit-sabit Sifat 20 Allah atuh sakantenan bae ….. kumaha wiwincikannana ?

WIWINCIKAN SIFAT 20 ALLAH

  1. Rd. Muslimin : Perkawis Sifat 20 Alloh, da ari hiji-hijina mah panginten rai oge parantos apa nya ?. Ayeuna mah urang sakantenan katerangannana, kieu geura :
    1. WUJUD
Hartina : Aya Allah, moal euweuh. Ari tandana aya teh ku ayana Nafas. Samangsa-mangsa aya Nafas tangtu aya Hirup. Samangsa-mangsa aya Hirup, tangtu moal euweuh Allah teh, sabab Sifat Hirup teh tina Dzat Sifat-Na Allah.
    1. QIDAM
Hartina : Allah ti heula, moal enya Allah pandeuri. Ari nyatana dina Wujud urang sifatna teh Panon. Ari awas panon teh ti heula, nyaeta anu ngabuktikeun Sifat. Buktina, waktu Bapa masih Bujang, Indung masih Lajang (Parawan), barang tepung tangtu Paadu Tingal. Saparantos awas Bapa sareng Indung, jorojoy manahna duanana ting sereset, nya akhirna Ngajodo anu saterusna ngabogaan turunan. Anu matak Panon heula anu ti heula.
    1. BAQO
Hartina : Allah the Langgeung, moal keuna ku ruksak. Sategesna Baqo teh Dzat Allah anu Langgeung, nyaeta Hirup kagungan Allah SWT.
    1. MUHALAFATUL LILHAWADISI
Hartina : Beda Allah sareng anu anyar. Bedana teh kieu :
Allah mah ningali teu karana Panon
Allah mah ngadangu teu karana Cepil
Allah mah ngandika teu karana Baham
Allah mah ngangseu teu karana Pangambung
Allah mah midamel naon bae teu karana Parabot, sareng sajabi ti eta.
    1. QIYAMUHU BI NAFSIHI
Hartina : Allah Jumeneng ku Anjeun, moal enya anu nga jantenkeun. Geuning Indung sareng Bapa urang waktu Sapatemon Rasa, henteu boga tekad arek nyieun anak, oge badan urang teu ngaraos di damel ku Indung Bapa.
Geuning sidik jumeneung ku Anjeun, ngan urang mah disarengan ku Kersana Allah, cukang lantaran ka Rama, sareatna ti Ibu. Ari Hakekatna mah estu Kersana Allah. Eta wenangna Allah teh, wenang ngajadikeun, oge wenang teu ngajadikeun.
    1. WAHDANIAT
Hartina : Sah Dzatna – Sah Sifatna – Sah Asmana – Sah Af’alna.
Tumerapna dina Soca, Cepil, Pangangseu, Baham. Wiwincikannana kieu :
  • Upama dina Soca
Sah Dzat-na teh Awasna
Sah Sifat-na teh Naon anu katingali
Sah Asma-na teh Warna (Beurem, koneng, bodas, hideung jeung sajabana).
Sah Af’al-na teh Sasat gawena tara pahili.
  • Upama dina Pangangseu
Sah Dzat-na teh Lamun ngangseu minyak seungit, tetep seungit, lamun ngangseu tarasi tetep bau. Eta sah na teh tara cidra.
Sah Sifat-na teh Naon anu di angseu pasti
Sah Asma-na teh Boh ngaran seungit, ngaran bau, ngaran hanyir, jeung sajabana.
Sah Af’al-na teh Sasat gawena tara pahili.
Kitu deui Cepil sareng Baham.

    1. QUDRAT
Hartina : Allah teh kawasa. Kawasana Allah teu karana parabot/alat. Geuning upama urang boga maksud rek nyieun imah atawa naon bae, tangtu ku urang dipikir heula, dicipta-cipta ku ati. Upami geus kacipta, eta wangunan imah teh Ngadeg di jero ati (eta hakekatna). Kapan henteu make parabot teu naon-naon.
    1. IRODAT
Hartina : Allah teh Sifat Keresa. Upami tadi ku Kawasana eta adegan Bumi parantos kacipta dina ati, kantun ayeuna mah jadikeun “Keresa” arek midamel Bumi tea (Kantun sareatna) ngabuktikeun Irodat. Tangtu dina Sareat mah kedah ngagunakeun parabot/alat katut bahan-bahan anu diperlukeun.
    1. ELMU, 10. HAYAT.
Ari Elmu mah ngahiji sareng Hayat.
Ari Elmu teh Kanyaho, ari Hayat teh Caang. Pasti ngahiji, sabab Kanyaho teh kudu dina kaayaan caang. Moal aya kanyaho dina kaayaan keur poek.
Ari di dunya mah (lahir) caangna teh dina Matahari, katingali ku Panon Jasmani. Sedengkeun dina Ilmu (Batin) mah, sing tepi ka caang teh dina Jero Ati (Mata Hate).
1. SAMA : Hartina : ALLAH Ngadangu teu karana Cepil.
2. BASAR : Hartina : ALLAH teh Uninga teu karana Soca.
3. KALAM : Hartina : ALLAH Ngandika teu karana Baham.
4. QODIRON : Hartina : ALLAH Kawasa.
5. MURIDAN : Hartina : ALLAH Kersa.
6. ALIMAN : Hartina : ALLAH Uninga.
7. HAYAN : Hartina : ALLAH Hirup.
8. SAMIAN : Hartina : ALLAH Ngadangu.
9. BASSIRAN : Hartina : ALLAH Ningali.
10. MUTAKALIMAN : Hartina : ALLAH Ngandika.
Eta anu tujuh di luhur ( Qodiron – Muridan – Aliman – Hayan – Samian – Bashiran – Mutakaliman ), aya nyatana dina diri, upama ka panggih tangtu hasil, kabuki hijabna Allah, kabingung teh tangtu leungit. Malah upama eta anu tujuh sifat-sifatna kapendak di sakujur diri, teras Tarekat-na geura pilari. Upama Tarekatna kasusul, tan wande Ma’rifat Jati kana Dzat Nu Maha Suci, anu Caang Sajero Ati.
Kitu tah rai !...., wiwincikan Sifat 20 Alloh teh, sareng katerangannana kumaha masih aya keneh kapanasaran ?

  1. Rd. Muslimat : Cing kang…!, manawi aya katerangan anu sanesna, supados rada eces tur jentre !.
  2. Rd. Muslimin : Ari rai….!, sok nyosok jero, atuh sakitu oge cekap ulah sok hoyong eces teuing !.
  3. Rd. Muslimat : Kapan engkang keneh anu masihan bongbolongan, upami ngelmu sing katimu, ngaji sing ngajinis, ulah ngaji Asma wungkul moal jadi Iman. Kusabab kitu, rai mah hoyong dituduhkeun sareng barangna, sareng buktina.
  4. Rd. Muslimin : Mangga atuh ari kitu pamadegan rai mah, urang buktikeun sing sidik. Kieu geura rai !..., Sifat 20 teh dibagi 4 (opat), jenengan hiji-hijina nyaeta : NAFSIAH, SALBIAH, MA’ANI sareng MA’NAWIYAH. Ari barang-barangna kieu :
  • NAFSIAH Nyaeta Nafas, Sifatna Irung.
  • SALBIAH Nyaeta Paninggal, Sifatna Panon.
  • MA’ANI Nyaeta Pangdangu, Sifatna Cepil.
  • MA’NAWIYAH Nyaeta Pangucap, Sifatna Baham.
  1. Rd. Muslimat : Parantos apal kang…!, perkawis Sifat Dua Puluh di bagi opat mah, manawi aya keneh katerangan anu langkung jentre tina bukti anu 4 (opat) teh ?
  2. Rd. Muslimin : Anu leuwih jentre mah kieu atuh :
  • NAFSIAH Barangna Irung aya 1 bagian
  • SALBIAH Barangna Panon aya 5 bagian :
    • Bobodas Panon
    • Hihideng Panon
    • Kokoneng Panon
    • Bebeurem Panon
    • Heherang Panon
  • MA’ANI Barangna Cepil aya 7 bagian :
    • Legok Cepil aya 6 legok, ka tujuhna Liang Cepil
  • MA’NAWIYAH Barangna Baham aya 7 bagian :
    • Biwir anu handap – Biwir anu luhur
    • Gugusi handap – Gugusi luhur
    • Lalangit handap – Lalangit luhur
    • Letah
Jadi jumlah sadayana Dua Puluh. Perkawis Huntu mah, kapan datangna oge pandeuri, saparantos kaasupan aci-aci dunya, oge balikna oge pangheulana. Eta anu opat henteu papisah rai !..., kudu gulung jadi hiji. Pangangseu – Paninggal – Pangrungu – Pangucap. Upama kurang hiji moal sampurna, komo upama kurang dua, pasti moal katepi, sumawona upama kurang tilu beuki nyucud.

  1. Rd. Muslimat : Aduh… hatur nuhun kang !, rai …parantos dipasihan terang perkawis Sifat 20 Allah dugi ka sareng jinisna, geuning nuduhkeun kadiri keneh. Paingan sanggeum dalil : “ IQRO KITABAKA KAFA BINAFSIKA ALYAUMA HASIBA”, Hartosna : Wajib pisan manusa ngaji teh masing ngajinis, nyaeta ngaji Sa-Adeging Diri / Badan.
  2. Rd. Muslimin : Nyakitu atuh rai !, da ngaji kaluar tina diri mah kapan sanggeum hadist oge bakal kasasar, matak ngajauhkeun Nu Maha Suci, teu ngarasa sasarengan siang wengi ngaliputan. Ku sabab kitu saparantosna Ngaji Daluang teh kedah teras Ngaji Luang, nyaeta Rasakeun Daluang tea. Dihartikeun, dilenyepan, dirarapkeun kana diri, sing cocog sareng Sareatna, Hakekatna, terus nganggo Tarekat sangkan tiasa Ma’rifat. Sabab eta anu opat henteu papisah, kedah gulung jadi hiji, boh dina lakon Agama boh dina Elmu.
  3. Rd. Muslimat : Ayeuna Rai !, bade naroskeun deui : Naha masih aya kebatna eta Sifat Dua Puluh teh ?
  4. Rd. Muslimin : Atuh puguh aya terasna. Terasna teh janten Aksara. Margi Aksara oge kenging nyutat tina Adegan Manusa.
  5. Rd. Muslimat : Naha kumaha anu mawi di damel aksara ?, sareng kanggo naon ?
  6. Rd. Muslimin : Aksara teh kanggo ngauningakeun (ngabuktikeun) Qu’ran anu jadi dasar Hukum Agama sakuliah Dunya, pikeun pituduh dina Cara Ibadah Jalma ka Nu Maha Suci. Sareng pikeun ngamankeun dunya, sangkan manusa di lahir, hirupna bisa waluya, repeh rapih sareng sasama, nangtukeun pikeun kasalametan di Akherat engke.
  7. Rd. Muslimat : Ke….kang !, upami didamel aksara dina Al-Qur’an, naha cekap ku huruf anu dua puluh ?
  8. Rd. Muslimin : Tangtuna oge cukup, moal kurang sanajan ngan ku huruf dua puluh oge, malahan ari Hakekatna mah ku 17 (tujuh belas) huruf oge cukup ra !.
  9. Rd. Muslimat : Ari huruf Qur’an bisa cukup ngan ku 17 huruf mah, asa teu acan kahartos, kapan sadayana oge parantos pada terang, yen huruf Qur’an mah aya 30 (tilu puluh) huruf.
  10. Rd. Muslimin : Rai !..., tilu puluh huruf mah sareng rangkepannana, da ari bibitna mah pasti ngan 20 (dua puluh). Lantaran Sifat Dua Puluh eta, nya Sifat Gusti Allah, moal ngalangkungan atawa ngurangan tina Sifat Nu Maha Suci.
  11. Rd. Muslimat : Tadi engkang nyanggemkeun, malahan Hakekatna mah ku 17 (tujuh belas) huruf oge cekap. Atuh beuki ngirangan, kamana sapalih deui ?, da panginten moal ical teu pupuguh, tangtu aya sumurupna. Mugi engkang kersa nerangkeun, ulah kapameng miwejang ka rai !.
  12. Rd. Muslimin : Ari sumurupna mah pasti aya rai !, kieu geura :
Sareatna kanyataan aksara dina Qur’an anu teu aya teh nyaeta aksara : Ca, Aksara Nya, Aksara Nga.
Ari Sifat Allah teh aya Dua Puluh. Sedengkeun dina ibadah oge, cekap ku 17 (tujuh belas) rakaat sadinten sawengi teh.
Tah…. Tarekatna mah, anu 17 rokaat teh pikeun nyusul anu 3 (tilu) sifat tea. Sareatna Ca – Nya – Nga, ari Hakekatna nyaeta Dzat – Sifat – Asma Allah. Sakali deui rai..!, anu 17 rakaat teh tegesna ngudag Dzat – Sifat – Asma Allah atawa merik Allah – Muhammad – Adam. Tah eta anu di tareangan teh.
  1. Rd. Muslimat : Leres kang …!, diberikna Dzat – Sifat – Asma teh kudu ku 17 (tujuh belas) rakaat, waktu anu lima sadinten sawengi, rai oge ngalaksanakeun eta teh istuning ti aalit, tapi naha nya ..?, rai mah kekeuh teu acan kapendak eta Dzat – Sifat – Asma Allah teh ?, najan dicipta ku ati, weleh teu kaemut, anggur hate sering ambariyang, cus-cos kasagala rupi. Cing kumaha … eta kang…?, sangkan gawe teh ulah tanpa hasil ?
  2. Rd. Muslimin : Atuh sagala rupi oge rai..!, kedah sareng elmuna. Geuning dina hadist oge dijelaskeun : “ LAMUN AMAL HENTEU REUJEUNG ELMU, BATAL TEU JADI”. Buktina ku rai oge karaos panginten ?. Entong teuing bingung, eta pertanda ibadah urang henteu jadi, margi henteu bersih ati, jadina mang-mang hate. Upami hoyong bersih ibadah ka Nu Maha Agung, hempek geura pilari Tarekat Elmu Wali. Buktikeun hakekat huruf aksara anu tujuh belas tadi, pilari dina salira rai…!, Kujalan Tarekat Elmu Wali pikeun nyusul Dzat – Sifat – Asma Allah. Tanwande bisa kapanggih, katinggal ku Rasa Jati. Mimiti pilari anu tujuh belas…!. Da sami, dina Tarekat Agama tujuh belas, atuh dina Tarekat Elmu oge tujuh belas. Ngan bedana dina tarekat elmu mah, aksara anu tujuh belas teh, bareng dipakena, sawaktu teh tujuh belas – tujuh belas. Anu mawi bisa Ma’rifat kana Jatining Agami, sangkan urang keur di dohir sampurna ibadahna, ngalakonan Rukun Islam parentahna Kanjeng Nabi. Jadi alus pisan urang daek amal ibadah bari disarengan ku elmuna.
  3. Rd. Muslimat : Nuhun…. Ku rai katampi piwejang engkang, kantun milari eta …. Tarekat Elmuna. Tapi rai mah… dina milarian teh moal kanu tebih-tebih teuing, nya sakantenan ka salira engkang seja guguru eta Elmu Tarekat. Aya keneh kabimbang, perkawis Huruf anu tilu tadi ( Ca – Nya – Nga ) anu henteu aya dina Qur’an. Eta naon margina ….?
  4. Rd. Muslimin : Atuh rai…!, et amah bibitna, kapan bibit sagala rupa, anu langgeung teu owah gingsir : Dzat – Sifat – Asma, atawa AllahMuhammadAdam. Eta bibit saniskara anu aya, bibit Nabi, bibit Wali Jeung sajabana.
  5. Rd. Muslimat : Naon margina, pakuat-pakait sareng Wali sagala…?
  6. Rd. Muslimin : Kieu rai…!, upami teu acan ngartos mah : Geura eta aksara anu tilu Ca – Nya – Nga, cing cecekna aya sabaraha…?, pek itung aya sabaraha jumlahna….!.
  7. Rd. Muslimat : Tiap huruf, aya tilu-tilu, jadi tilu huruf teh ?, jumlahna aya Salapan kang …!.
  8. Rd. Muslimin : Tah…eta anu salapan teh Hakekatna Para Wali rai..!. Ari Sareatna Wali mah kapan aya di wewengkon Cirebon. Jadi upama aya Sareat pasti aya Hakekatna.
  9. Rd. Muslimat : Nembe mah hakekat nyandak tina huruf tulis, kumaha ari Hakekat Wali di diri pribadi ?, da kapan kedah ngajinis ?, naha aya nyatana dina Wujud urang ?
  10. Rd. Muslimin : Kantenan rai.. ay amah, cing eta bilang cecekna badan urang…!, aya sabaraha hiji liangna ?
  11. Rd. Muslimat : Liang dina Panca Indra aya 7 (tujuh)…, teras dihandap aya 2 (dua), janten sadayana aya 9 (salapan), ka 10 (sapuluh) Wali tunggal, nya tunggalna Wujud Pribadi.
  12. Rd. Muslimin : Nuhun pisan rai…!, geuning gampang ngarti.
  13. Rd. Muslimat : Tapi sanaos kitu kang…!, rada bingung keneh, margi salaku wawakilna Rasululloh. Kumaha tah…kang…?
  14. Rd. Muslimin : Eta leres rai..!, kitu pisan sareatna mah. Tapi hakekatna mah, eta naha rai…. Teu rumaos diurus siang wengi…? Kapan anu ngurus teh anu 9 (salapan) liang, sasat ngawakilan Rasul (Rasa). Ari Rasa kapan ghaib. Seperti :
  • Rasa hoyong tuang, ngaleueut, diwakilan ku liang Baham.
  • Rasa hoyong ningali, diwakilan ku liang Soca.
  • Rasa hoyong ngangseu, diwakilan ku liang Irung.
  • Rasa hoyong ngadangu, diwakilan ku liang Cepil.
  • Rasa hoyong kahampangan, diwakilan ku liang Baga/Purusa.
  • Rasa hoyong miceu, diwakilan ku liang Bujur.
  1. Rd. Muslimat : Nuhun teuing…., kahartos ari kitu mah, leres teu tebih ti diri, kubawaning nya ngahiji, sagala rupi teh arasup ka wujud urang, kana saadeging diri, henteu ingkah, henteu ical ti salira.
Bilih kabujeng hilap…, bade malikan deui kana Qur’an, ari perkawis gunana mah parantos diterangkeun pikeun tuduh jalan sangkan manusa teh, sajeroning di umbarakeun hirup di Dunya tiasa Pidunya Khasanah, oge tiasa Wa Pil akhiroti khasanah. Atuh perkawis riwayat hurufna atawa Aksara parantos dijelaskeun, sasat nyutat tina Sifat Allah, sareng tina saadeging diri manusa. Ayeuna anu hoyong dijelaskeun teh perkawis istilah sareng tahapan Al-Qur’an, nuhun-nuhun upami dijelaskeun sareng barangna, supados eces..!.
  1. Rd. Muslimin : Perkawis istilah tahapan Al-Qur’an mah kieu :
    1. Istilahna teh Al-Qur’anul Majid
    2. Istilahna teh Al-Qur’anul Karim
    3. Istilahna teh Al-Qur’anul Hakim
    4. Istilahna teh Al-Qur’anul Adim
Ieu Qur’an anu 4 (opat) istilahna teh, disarurahan ku sabagian Ajengan mah kieu :
  • Al-Qur’anul Majid
Nyaeta Qur’an anu aya Hurufna, anu umum sok dibaraca/di araji ku kaum Islam sadunya.
  • Al-Qur’anul Karim
Nyaeta Qur’an anu Mulya, tapi ari bukti barangna mah nyaeta eta keneh anu aya tulisannana.
  • Al-Qur’anul Hakim
Nyaeta Qur’an anu Adil tapi bukti barangna mah, eta keneh bae, Qur’an anu aya tulisannana.
  • Al-Qur’anul Adim
Nyaeta Qur’an anu Suci, palebah bukti barangna,….anggeur eta keneh anu aya tulisannana. Sabab cenah dianggap Suci sareng langgeung hukumannana ti dunya tug tepi ka akherat.
Jadi disurahannana ku ahli Sara, bet diborong, opat istilahna, oge opat tahapannana, tapi barangna mah eta keneh-eta keneh.
Tah lamun kitu rai…!, atuh sarua bae sareng Mi Gusti kana barang anyar, kapan Kitab Al-Qur’an anu aya tulisannana mah di tulisna oge ku manusa, oge keuna ku ruksak, naha bet dianggap mulya..?, dianggap agung…?, dianggap suci…?, tur dianggap langgeung deuih…?.
  1. Rd. Muslimat : Tapi…kang, pamadegan kitu teh, panginten anggapannana kapan ayat-ayat Al-Qur’an teh pangandika Allah, pikeun tuduh jalan tea.
  2. Rd. Muslimin : Leres…, Al-Qur’an teh mangrupa kumpulan tina ayat-ayat Pangandika Allah…, tapi dina palebah ngama’naan istilah sareng tahapannana mah ulah salancar, eta teh nuduhkeun Masing kapanggih eusina, sing kapanggih barangna, sing kasungsi sareng anu Ngandikana.
Geuning Pangandika Rasululloh oge : “ WA ASMAIHI TA’ALA ABADAN BIL KUFRO ”. Anu hartosna : Saha-saha jalma anu ngan ngaji Asma Allah Ta’ala, badis tetep kafir “ (lamun teu katimu barangna). Isarat tina eta hadist, mere tuduh supaya ngaji teh sing Ngajinis. Ulah ngadeluk dina Asma, atawa ngadeluk dina pituduh, atuh moal tepi-tepi.
  1. Rd. Muslimat : Ari saleresna…, kumaha atuh ngamaknaan eta istilah sareng tahapan Qur’an teh ?
  2. Rd. Muslimin : Geura kieu rai..!, urang terangkeun :
  • Al-Qur’anul Majid
Eta mah cocok barangna nyaeta Qur’an Majaji (Sareat) anu buktina aya Huruf/Aksarana,
  • Al-Qur’anul Karim
Anu hartina Qur’an anu Mulya, ari bukti barangna nya Panangan katut Ramo. Sabab sidik jolna eta Aksara/huruf teh kapan ditulis ku panangan katut ramo-ramona.
  • Al-Qur’anul Hakim
Anu dihartoskeun Nyaeta Qur’an anu Adil ari bukti barangna nyaeta Paninggal / Soca. Sabab eta panangan katut Ramona teh moal bisa nulis kalawan sampurna upami teu aya Paninggal/Panon mah.
  • Al-Qur’anul Adim
Anu hartosna Nyaeta Qur’an anu Suci sareng Langgeung, palebah bukti barangna nyaeta Hirup. Sabab boh panangan katut Ramona, boh paninggal/panon nya moal tiasa nanaon upami henteu aya Hirup mah. jadi sategesna anu Suci, nu Langgeung teh, nyaeta Hirup anu mimiti ngayakeun eta Al-Qur’an.
Tah kitu Rai..!, perelean eta opat istilah Qur’an teh. Kusabab kitu, upami rai… hoyong dugi ka nu Suci-na, kana sampurnana eta Qur’an, wayahna kedah di Aji sadayana.
Mimiti urang kedah kersa maca Qur’anul Majid, eta bagian Elmu Sareat. Saparantosna dibaca kedah teras di aji (diajen) dihartikeun pimaksudeunnana. Upami parantos kahartos, geura pilari bari dipidameul Tarekatna sangkan karasa. Margi eta Qur’anul Majid, mangrupa tuduh jalan pikeun Uninga ka Allah, ka Rasululloh. Carana lian ti ku Tarekat nyaeta :
Qur’anul Karim, hartosna ngaji padamelan Panangan sareng Ramo, anu sakira baris kauninga tur dugi ka Hakekat Allah, ka Hakekat Rasululloh, sangkan panangan sareng ramo-ramona teh jadi Mulya.
Tina Qur’anul Karim…, ningkat deui kana Qur’anul Hakim, ieu mah bagian Elmu Hakekat. Nyaeta ngaji padamelan paninggal/panon. Tegesna Sidik kana barang nu Langgeung, nyaeta Hakekat Allah Ta’ala sareng Hakekat Muhammad Rasululloh, nya anu disebat oge Qur’anul Adim anu langgeung tea, atawa Sifatna Hirup. Sanggeum dalilna oge : “ RU’YATULLOHI TA’ALA FII DUNYA BI’AENIL QOLBI ”. Hartosna : Ningali Hakekat Allah Ta’ala ti dunya ku awasna mata qolbu/hate. Tegesna kedah ku Hakekat Rasululloh, da sifat jelema mah moal aya anu Ma’rifat ka dinya, da jelema mah ngan ukur dipake tempat keur ningali Rasululloh ka Allah Ta’ala.
Tah samangsa-mangsa Wujud urang parantos tiasa dipake ningalina Rasululloh ka Allah Ta’ala, tangtu ramo urang tiasa nyaritakeun yen parantos ngaku terang ka Allah, lantaran parantos dipasihan terang ku Rasululloh. Jadi urang mah kabawa ni’mat ku Rasululloh ti dunya dugikeun ka akherat.
  1. Rd. Muslimat : Aduh… hatur nuhun kang..!, perkawis opat istilah Qur’an parantos dijelaskeun bari sareng hakekatna. Nanging aya keneh ka panasaran.., anu bade ditaroskeun teh, eta aya cariosan kieu : “ ARI NGAJI TEH SING NGAJINIS, NGAJI QUR’AN TEH OMAT SING PANGGIH ALIPNA”, margi ceunah upami ngaji teu kapanggih Alipna, bakal A – I – U Saumur-umur oge. Kitu tah…kang…!, rai mah masih keneh bingung.
  2. Rd. Muslimin : Eu..euh…kitu, atuh et amah kedah diterangkeun :
RUMUSAN QUR’AN SARENG TUMERAPNA DINA DIRI
Kieu geura rai…! :
  • Ari Al-Qur’an teh seueurna 30 Juz, ari sa-Juz-na teh 9 Lembar. Pek kalikeun 30 Juz x 9 Lembar = 270 Lembar.
  • Terus jumlahkeun 2 + 7 + 0 = 9
  • Ayeuna terapkeun sareng Diri Manusa, dina kandungan Indung lamina 9 Bulan, ari sabulan teh 30 poe. Pek dikalikeun 9 bulan x 30 poe = 270 poe. Terus jumlahkeun 2 + 7 + 0 = 9
  • Cing kumaha tah… rai !, upama ku katerangan kitu..?, da ceuk engkang mah pas.. Ari dina Qur’an mah 30 Juz sareng 9 Lembar, di diri manus amah 9 bulan sareng 30 poe. Urang teraskeun deui :
  • Ari eusina anu 30 Juz teh, nyaeta 114 Surat sareng 6666 Ayat. Terus urang jumlahkeun : 114 Surat : 1 + 1 + 4 = 6
6666 Ayat : 6 + 6 + 6 + 6 = 24
dijumlahkeun : 2 + 4 = 6
  • Tah anu 6666 Ayat teh, ari sari patina mah kawengku ku 7 (tujuh) Ayat, nyaeta SURAT AL-FATIHAH. Anu matak pantes atuh, solat oge henteu sah upama henteu maca Al-Fatihah. Anu 7 (tujuh) Ayat oge (Surat Al-Fatihah), ari sari patina mah kawengku ku sa-Ayat, nyaeta Ayat AL-BASMALAH (BISMILLAHIRRAHMANNIRROHIM). Cing rai..!, sabaraha Kecap / Engang eta “ Bismillahirrahmannirrahim” teh ?
  1. Rd. Muslimat : Mangga ke … urang etang : BIS – MI – LA – HI – ROH – MA – NI – RO – HIM. Janten 9 (salapan) Huruf kang..!.
  2. Rd. Muslimin : Tuh geuning pas, sareng jumlahna anu 30 Juz x 9 Lembar tea, 270 Lembar dijumlahkeun deui jadi sami 9. Anu mawi 270 Lembar, 114 Ayat, 6666 Surat teh, sari patina kawengku ku Surat Al-Fatihah (7 Ayat), kawengku deui ku sa-Ayat ( Bismillahirrahmannirrahim), anu jumlahna tetep 9 (salapan). Cing ayeuna ku rai pilari, cocokeun, jiniskeun, naon barangna dina diri….?
  3. Rd. Muslimat : Bade…. Nyobi-nyobi kang …..
    1. Soca : Ka ancikan Awas
    2. Cepil : Ka ancikan Dangu
    3. Pangambung : Ka ancikan Angseu
    4. Baham : Ka ancikan Ucap
    5. Uteuk : Ka ancikan Eling
    6. Hate : Ka ancikan Pikir
    7. Saraf : Ka ancikan Rasa
    8. Panangan : Ka ancikan Obah/Gerak
    9. Sampean/Suku : Ka ancikan Lengkah
Oge tiasa disurupkeun ka anu ngawakilan Rasa :
Soca : Aya 2
Cepil : Aya 2
Pangambung : Aya 2 liangna
Baham : Aya 1
Palarangan : Aya 1 liangna
Bujur : Aya 1 liangna

Jumlah = 9 (Salapan)

Kumaha upami pamendak rai…., kitu kang ?
  1. Rd. Muslimin : Tah geuning tos rada calakan ayeuna mah. cing ayeuna geura pilari, surupkeun naon barangna dina diri, anu jumlahna genep, tina jumlahan Ayat anu 6666 sareng 114 Surat tea…!.
  2. Rd. Muslimat : Ah.. ragu-ragu keneh kang…!, saena sakantenan terangkeun ku engkang…!.
  3. Rd. Muslimin : Ari anu Genep mah, surupna teh ka anu bukti (lahir), sareng ka anu teu bukti (batin) :
Anu Bukti (Lahir) :
Mastaka (ti beheng ka luhur) = 1
Panangan = 2
Awak (ti taktak tepi ka bujur) = 1
Suku = 2
Ari anu teu bukti (Batin) :
Dzat (Hirup) anu ngaliputan
Nur (Sifat Hirup)
Sir (Rasa )
Roh (Nyawa)
Qolbu (Hate )
Nafsu (Akal )
Tah anu genep ieu, booh anu batin boh anu lahir, dina sarining dumadina dibagi ku 3 (tilu) nyatana : TEKAD, UCAP, LAMPAH, jadi dua-dua, anu nyaksi sareng anu disaksi :
Tekad disaksi ku Rasa
Ucap disaksi ku Ceuli
Lampah disaksi ku Panon
Kitu rai…, sari pati sarining laku urang siang wengi anu kudu ati-ati teh, bisi ti soledat. Boh ti soledat Tekad, ti soledat Ucap, oge ti soledat Lampah, ku pangaruhna ki Nafsu anu sasarannana kana Tahta, Harta, Wanita/Pria.
  1. Rd. Muslimat : Lerse pisan kang…!, paingan sanggeum sepuh : Lamun maneh hayang salamet hirup, poma sing bener tekad, ucap, jeung lampah. Sing horeng geuning mangrupi Patokan anu utama pikeun sapanjang di umbarakeun di Alam Dunya ieu. Cing kang…!, kapalang surupna anu jumlahna 7 (tujuh) tina Ayat Surat Al-Fatihah tea…!.
  2. Rd. Muslimin : Dupi anu jumlah 7 (tujuh) mah rai…!, upami bade surupkeun : kana 4 (opat) indera, geura jumlahkeun :
Soca aya 2
Cepil aya 2
Panganbung aya 2
Baham aya 1

Upami bade di surupkeun kana Sa-Adeging Diri mah kieu :
1. Soca 2. Cepil 3. Pangambung 4. Baham 5. Panangan
6. Palarangan 7. Sampean
Rai…!, ku tujuh rupi ieu, anu tiasa ngabuktikeun kana hasil Batin ( Cipta, Rasa, Karsa ). Laku anu tujuh ieu anu ngawengku sagala tekad jalma. Tapi euihh….rai…!, tiasa ayana Cipta – Rasa – Karsa sareng Karya teh, upami manusa anu kakucuran Taufik sareng Hidayah, tiasa mencrang kalbuna, emutannana, da anu henteu mah geuning disebatna oge Poekeun Pikir. Tah pangna aya Mencrang, Caang teh , eta anu kakucuran Welas sareng Asih Nu Maha Suci. Ari sifat welas asih Allah teh, kapan kaunggeul dina, Ayat : BIS – MI – LA – HI – ROH – MA – NI – RO – HIM (kecap aya 9, ari hurufna aya 24 ). Salajeungna rai..!, eta ayat “ BISMILLAHIRROHMANNIRROHIM” teh, museurna dina huruf Be ( ). Geuning ari ngaji sok dikawitan ku ngucapkeun Bis heula. Tapi sing emut…!, sok sanaos dikawitan ku Lafad Bis, kapan ari huruf Qur’an mah, samemeh Be teh aya huruf Alip ( ). Jadi dina enas-enas n amah ngaji teh nareangan tur masing kapendak eusina Alip. Ari Alip ( ) kapan di ejahna teh kieu :
Alip dijabar = A
Alip dijeer = I
Alip dipees = U
Upami teu kapanggih eusina Alip, Saumur-umur oge ngajina a – i – u. Kitu tah rai…!.

  1. Rd. Muslimat : Kumaha kang….!, upami sakantenan bae atuh, rai pasihan gambaran supados henteu a – i – u, ngaji cangkang bari kana eusina mah lebeng.
  2. Rd. Muslimin : Kieu geura rai..!, sakadar gambaran : Ari aksara Alip teh di wangun ku huruf A, L, P.
A tegesna Kadim nyaeta Hirup
L tegesna Kidam nyaeta Rasa
P tegesna Mukadas Kadim nyaeta Wujud
Jadi Alip ( ) teh rai…!, gambaran ADEGAN DIRI anu diwangun ku Hirup, Rasa, Wujud.
Ti dinya kakara arek gelar, nya kana Lafadz :
BIS = Asal / Bakaling Hurip
MI = Mulyaning Hurip
LLAHI = Sajatining Hurip
ROHMAN = Sifat Welas
ROHIM = Sifat Asih

Ningkat deui kana Lafadz Al-Hamdu (ﺍﻠﺤﻤﺪ ), 5 (lima) huruf/kecap nyaeta : A – La – Ha – Ma – Da (- - - - ). Ieu janggelekna tina kudu boga Rasa – Rumasa ti manusa, asal ti Mantenna, atuh usik malik ku Mantenna, sapantesna kudu Muji, Ruku, Sujud, ka Manten-Na. hiji ciri yen Martabat manusa sahandapeun MantenNa, nya dibuktoskeun tina Huruf/kecap Alhamdu teh jadi pagawean wajib 5 (lima) Waktu :

Huruf Alip jadi Lohor
Huruf La jadi Ashar
Huruf Ha jadi Magrib
Huruf Ma jadi Isa
Huruf Da jadi Subuh

Anu jumlah rokaatna sadayana aya 17 (tujuh belas) rokaat.

Gambarannana Sapertos kieu :

Huruf Al-Fatihah nyaeta Wujud tina Sholat 5 Waktu
Dicandak tina Kecap “Al-hamdu”

ﺍَﻠـﺤﻤﺪُ


Perwujudan : At-Tahiyat - Sujud - I’Tidal - Ruku - Kiyam ( Takbiratul Ikhram )
  1. Rd. Muslimat : Cing kang…..!, manawi aya pereleannana deui..?
  2. Rd. Muslimin : Kantenan aya mah, kieu geura :
  • Waktu Lohor : Pangna aya 4 rokaat, sabab dina diri manusa aya Nafsu / Akal, anu jalanna kana Panon (2) sareng Cepil (2).
  • Waktu Asar : Pangna aya 4 rokaat, sabab dina diri manusa aya Roh / Jiwa, anu jalanna kana Panangan (2) sareng Sampean (2).
  • Waktu Magrib : Pangna aya 3 rokaat, sabab dina diri manusa aya Sir / Rasa, anu jalanna kana Irung (2 liang) sareng Baham (1 liang).
  • Waktu Isa : Pangna aya 4 rokaat, sabab dina diri manusa aya Nur / Cahaya, di sabab Madhab ( Harep, Tukang, Kenca, Katuhu ).
  • Waktu Subuh : Pangna aya 2 rokaat, sabab dina diri manusa aya Hirup, anu rumaket sareng Jasad.
Atuh dina saban rokaat oge kapan aya 5 (lima) gerakan :
  • Takbiratul Ikhram, eta gambaran tina huruf Alip ( )
  • Ruku, eta gambaran tina huruf Lam Awal ( )
  • Sujud, eta gambaran tina huruf Lam Akhir ( )
  • Lungguh, eta gambaran tina huruf He ( )
Anu matak rai….!, pantes yen Solat teh sok disarebat Tihangna Agama, janten pagawean Fardhu, cirina jalma anu ngabogaan Rasa, Rumasa jeung Tumarima. Ngan sing emut yen Solat mah nomer dua, da nomer hijina mah Sahadat dina Rukun Islam oge, et amah da tatapakannana atawa pondasina.
  1. Rd. Muslimat : Naha pangna kitu kang…!, naha aya asal usulna..?
  2. Rd. Muslimin : Iiiih… atuh kantenan ay amah ….!. Piraku can kapaham keneh, kapan gelarna Agama oge sami wiwitanana mah tina poko anu kantos diterangkeun ti payun, nyaeta :
    1. Ayana Sahadat teh tina Johar Awal, janten Lafadz Ashadu ( aya 4 (opat) huruf/kecap : A – Sa – Ha – Da ) :
  • A Jadi Dzat = Alip ( )
  • Sa Jadi Sifat = Lam Awal ( )
  • Ha Jadi Asma = Lam Akhir ( )
  • Da Jadi Af’al = He ( )
    1. Ayana Solat, tina Cahaya Berem
    2. Ayana Zakat, tina Cahaya Koneng
    3. Ayana Puasa, tina Cahaya Bodas
    4. Ayana Munggah Haji, tina Cahaya Hideung
Tah kitu asal usulna mah rai..!. anu larapna atawa prakna ibadah, sakumaha parantos diterangkeun ti payun, yen Sareatna, Tarekatna, oge Hakekatna sareng Ma’rifatna.
  1. Rd. Muslimat : Hatur nuhun kang….!, paingan sagala rupi oge kedah pendak pokona nya, geuning balik deui, balik deui kadinya. Kang mengpeung teu acan tebih ieu obrolan, eta mugi dijelaskeun kecap Dzattulloh, Sifatulloh, Asmaulloh, Af’allulloh….!
  2. Rd. Muslimin : Euhh…perkawis eta…, insya Allah urang jelaskeun. Anging hanjakal ….ieu parantos waktos neteupan Asar…!, atuh netepan heula…!, teras engke urang sambung deui ieu obrolan teh.
Wassalam …! ( Bersambung ka Jilid III )
Paguneman Papahaman Elmu Agama Sareng Kataohidan Jilid Kadua (Buku Kitab Layang Muslimim Musliman)
Title : Paguneman Papahaman Elmu Agama Sareng Kataohidan Jilid Kadua (Buku Kitab Layang Muslimim Musliman)
Description : Raden Muslimin sareng raina Raden Muslimat, enjingna saparantos netepan Subuh, ngaraos saleger, maklum wengina karulem talibra pisan. Bu...
di November 07, 2015
Rating : 5 Dari :5 terbaik
SILAHKAN DISHARE :
 

Medar Ilmu Batin • All Rights Reserved